If I Must Die...

Lamun Aing Kudu Modar

Translated to Sundanese by

lamun aing kudu modar

sia kudu hirup

jang ngajéntérkeun carita aing

jang ngalebar banda-banda aing

jang meuli salembar boéh

jeung sagulung benang

(bodas bari panjang)

nepi aya budak, ti gaz

nu molototan awan nepi jero panon

ngadagoan bapana balik dina jelegur seuneu-

jeung méméh kungsi ngomong dadah

lain ka budakna sorangan

ogé lain ka dirina sorangan-

borojol langlayangan, langlayangan nu

kusia jieun hiber ti luhur hulu

jeung nyangkana langlayangan éta

téh malaikat nu ngagadag kanyaah

lamun aing kudu modar

kajeun modarna aing ngagadag harepan

kajeun ogé nyarita bobodoran


Select poem translation

A poem by Refaat Alareer.